Saturday, March 12, 2016

Hadis Maudhu : Posisi Rohman Rohim Allah

Alhamdulillah meunang elmu anyar, dina kitab Manhaj dzawi Nazhar karangan at-Turmusi kaca 4 simkuring mendak hadis sapertos kieu :

سَأل عُثْمَانُ بنُ عَفَّانَ رَ.ض. النَبِيَّ ص.م. عَنْ "بِسْمِ الله الرحمن الرحيم"، فَقَالَ : هُوَ اسْمٌ مِنْ أسْمَاءِ الله الأكْبَرِ إلَّا كَمَا بَيْنَ سَوَادِ الْعَيْنِ وَ بَيَاضِهَا، رواه الحاكم، قَالَ : صَحِيْح إسناد –منهج ذوي النظر : 4

Utsman bin ‘Affan kantos tumaros ka nabi SAW. leresan “bismillahirrahmanirrahim”. Teras Rasulullah ngawaler : “Eta kakasih(rahman-rahim) di antara pirang-pirang kakasih Allah anu paling agung saperti (deukeutna) hihideung panon jeung bobodasna, Riwayat al-Hakim, lajeng anjeuna sasauran : Shahih Isnad - Manhaj Dzawi Nazhar : 4-


Saatos dipariksa hadis ieu diriwayatkeun ku Ibnu Abi hatim dina Tafsirna, Khatib al-Baghdadi dina kitab Tarikhna, Hakim dina Mustadrak, kalih al-Baihaqqi dina al-Jaami’u Li-Syu’abil Imaan, ngaliwatan jalur Zaid bin al-Mubarak.

Namung ternyata kabuktianana, ieu hadis kalebet hadis Maudlu Margi :

1. Dina sanadna aya rowi nu jenengananan salam bin Wahb, anjeuna disebatkeun ku Imam adz-Dzahabi dina lisanul mizan (II/182 no. 3358) “Ataa bi khabarin Munkarin, bal kidzbun” “anjeuna (sok) nepikeun khabar mungkar, malih nu bohong”


2. Al-‘Uqoili ngariwayatkeun hadis ieu nalika ngajelaskan biografi Salam bin Wahb , teras cumarios : “laa yutaa’biu ‘alaa hadiitsihi, walaa yu’rafu illaa bihi” “teu aya muttabi pikeun hadis ieu, teu kauninga aya jalan sanes kajaba ngaliwatan jalur ieu”

 

katerangan ieu aya dina Tafsir Ibnu Katsir I : 184, Tahqiq : Mushtafa sayyid Muhammad dkk.

Jadi ternyata, mun aya ungkara “Shahih Isnad” eta teu ngajamin eta hadis shahih, margi shahih isnad nembe nunjukkeun yen sanadna nyambung (Ittishal sanad), nyaeta nembe nunjukkeun yen aya kaitan “pernah nguping, pendak, jeung sazaman” (sima’, Liqo, Mu’asharah) antar rowi dina sanadna. Teu acan kana aspek kualitas tiap-tiap rowina. Wallohu a’lam

 

2 komentar:

Miliana
September 4, 2019 at 8:16 PM

makasih sudah berbagi yah kak bermanfaat sekali

alfamart stamp

Anonymous said...
June 12, 2020 at 9:23 AM

===Agens128 CASINO ONLINE Free Coin===

Pakai Pulsa Tanpa Potongan
Juga Pakai(OVO, Dana, LinkAja, GoPay)
Support Semua Bank Lokal & Daerah Indonesia
Game Populer:
=>>Sabung Ayam S1288, SV388
=>>Sportsbook,
=>>Casino Online,
=>>Togel Online,
=>>Bola Tangkas
=>>Slots Games, Tembak Ikan
Permainan Judi online yang menggunakan uang asli dan mendapatkan uang Tunai
|| Online Membantu 24 Jam
|| 100% Bebas dari BOT
|| Kemudahan Melakukan Transaksi di Bank Besar Suluruh INDONESIA

WhastApp : 0852-2255-5128
Agens128 Agens128

Post a Comment

Total Pageviews